Malin Kundang
Alkisah.. di hiji lembur,, aya bumi anu
di isi ku keluarga si abah jeung si ambu..katingali enjing enjing na si abah
nuju ngadekan awi sareng si ambuna anu nuju sasapu payuneun bumina..
Abah : bu..
ambu..
Ambu :
Kulan abah…
Abah : Ari si aa
jeung si nyai kamarana? Mani jempling kieu iyeu teh..
Ambu :
sumuhun,, Aya abah di lebet…
Abah : cik atuh
pangadamelkeun kopi..
Ambu :
sumuhun, mangga atuh abah..
Jol
si aa nyamperkeun si abah..
Aa : bah nuju naon?
Abah : Katempona
keur naon abah..
Aa : kanggo naon kitu abah eta
awi?
Abah : keur
kandang entog
Aa : ari kitu abah gaduh
entogna?
Abah : henteu..
Aa : aeh.. atuh kangge naon ari
teu gaduh entogna mah?
Abah : ah kumaha
abah we..
Ambu :
iyeu kopina parantos janten abah…
Abah : nya nuhun
ambu..
Aa : aduh.. si ambu mah ngadamel
kopi teh mung hiji atuh
Ambu :
sumuhun,,, janten aa teh hoyong kitu?
Aa : Hoyong atuh ambu
Ambu :
sumuhun.. jung atuh geroan si nyaina, supados dipangadamelkeun
Aa : Nyai, nyai..
Nyai :
Kah… Aya naon aa?
Datang
si nyai anu tos siap bade angkat sakola
Aa : Nyi pangadamelkeun kopi
lah..
Nyai :
Ih si aa mah.. apan abi mah bade ka sakola atuh a..
Aa : oh.. nya muhun wios atuh..
teu nanaon
Kahirupan keluarga anu harmonis… pinuh
ku kabungahan, meskipun eta keluarga serba kakurangan.. tapi teu ngajadikeun
masalah pikeun eta keluarga,, si Aa anak si abah pangkolotna ngarasa karunya
ningali si abah anu buntang banting neangan rizki jang minuhan kabutuhan
keluarga.. anjena mikir geus waktuna neangan pagawean keur mantuan si abah..
utamana ngabiayaan adina si nyai anu masih sakola keneh..
Aa : Abah..Ambu… Abi teh tos dewasa iyeu teh.. meren atuh abi teh tos
kedah didamel kangge mantuan abah sareng ambu didieu
Ambu : Sumuhun.. jantenna kumaha tah?
Aa : Muhun ambu, aa teh hoyong damel.. hoyong angkat ka kota
Abah : Na keur naon bet kudu ka kota? Didieu we
atuh gawe mah jang, loba didieu ge pagawean mah,, tuh salah sahijina ngajieun
kandang entog.. sarua eta ge pagawean
Ambu : Sumuhun.. ambu ge alim dikantunkeun ku ujang,
hoyong damel mah loba didieu ge,, salah sahijina ngadamel kopi keur si abah..
sarua eta ge padamelan..
Aa : Aeh.. abah ambu teh kumaha,, sanes mantuan kitu atuh.. maksad aa
teh hoyong mantuan ngala artos ka kota teh.. pan eta si nyai biayaaneun sakola
keneh
Nyai : Aa bade ka kota.. asyikk.. abi ngiring nya
a..
Aa : eh si nya… apan nyai mah sakola keneh..
Nyai : ah si aa mah teu asik…
Abah : sok atuh ari ujang bade ka kota mah.. ku
abah di ijinan,, ngan omat engke dimana geus sukses ulah poho kanu dilembur
nya…
Ambu : Sumuhun.. teu kenging ngahilapkeun ambu nya…
hik
Aa : moal atuh abah ambu.. puguh ujang ka kota teh bade ngabantuan
abah sareng ambu didieu, muhun atuh ari kitu mah ujang permios nya abah ambu
nyai..
Si ujang pamitan ka abah, ambu jeung
adina nya.. harita keneh si ujang indit ka kota… di tengah jalan si ujang inget
ka akina.. tuluy ngamaksud rek pamitan oge jeung akina… katingali akina aya di
payuneun bumi na… si ujang nyamperkeun akina
Aa : Assalamualaikum aki…
Aki : Waaikum salam…
Ujang : Nuju
naon ki?
Aki :
Keur marab entog
Ujang : Parabna
ku naon eta ki?
Aki : biasa we ku huut campur roti
Ujang : Alahh..
mani gaya kitu eta parab na make roti sagala ki
Aki :
oh beda atuh… iyeu mah lain entog
sembarangan… lain entog biasa.. iyeu mah entogna ge entog adu…
Ujang : Uluhh..
aya kitu ngadu entog.. asa kakarek ngadangu ujang mah..
Aki : Oohh.. aya atuh…
Ujang : Ngadu
na kumaha eta ki? Jeung entog deui kitu?
Aki :
Oohh.. lain
Ejeng
peso nu sekeut.. tuluy geresel di pencit,, tuluy paeh,, geus paeh kulub jeung
cai asak… dudutan buluna.. tuluy di goreng.. tuluy di hakan..
Ujang : Ah
si aki mah sugan teh enya
Aki :
Huus.. huss.. haling siah.. indit siah…
huus huuss
Ujang : Kumaha
aki teh? Ongkoh di paraban ongkoh digebahan…
Aki : atuda kesell aki mah…
Ujang : kesel
kunaon aki..
Aki : Eta entog anu duaan bobogohan euy…
huuss…
haling siah indit siah…
Ujang : Aeh,,
ken bae ki entog bobogohan wae ge mani di caram
Aki : lain di carek, soal entog bobogohan mah moal
ngalarang, moal ikut campur,, tapi kahayang aki mah cing atuh sing boga
pikiran,, bobogohanna ulah harepen dunungan,, ulah harepeun aki,,,
Ujang : Atuda
ngarana ge entog ki sato
Aki :
masing sato ge sing boga kaera we
saeutik,, masa bobogohan harepeun aki pisan.. aki ge tara bobogohan harepeun
entog.. itu gera haling siah,, hush siah haling siah
Ujang : Eh
si aki mah.. abi kadieu teh bade pamitan ka aki teh.. bade nyobian nyaba ka
kota… sugan we atuh aya milikna…
Aki : Oh enya atuh… sok di doakeun ku aki sing
berhasil…
Ujang : Aminn..
Nuhun ki.. Assalamualaikum..
Saatos na pamitan ka akina,, si ujang
naek kana beus tujuan bandung,
Allahuakbar allahuakbar
Saatos netepan magrib Nyai sareng
rerencanganna arangkat ngaraos magrib… ditengah perjalanan…
Nyai : Hei.. Terang teu.. Aa abi mah ayeuna nuju ka kota..
Ajeng : ari
nyai teu ngiring kitu?
Nyai : Ehh.. mun ngiring mah moal aya didieu atuh
Ajeng : Oh
enya nya.. hehe.. atuh ayeuna mah wang guik sumput we yukk.. mungpung can
lebet…
Dewi : Iihh..
tos magrib kieu guik sumput…
Pan saur kolot abi
budak mah ge ulah arameng ti peuting bisi di culik ku jurig
Ajeng : Gening
itu loba budak arameng teu di culik ku jurig..
Dewi : Maenya..
Ajeng : Nya
da itu mah budakna ge budak jurig…
Dewi
& Nyai kabur…
Salila 2 Jam
perjalanan,, akhirna si ujang nepi ka kota.. didinya manehna ngarasa lapar..
katingali aya tukang baso tahu di sisi jalan…
Bersambung..... !!!!!!!
No comments:
Post a Comment